;

Selasa, 20 Juli 2010

Puisi Bahasa Sunda | Ngageuri Dina Sujud Iedul Fitri

Selasa, 20 Juli 2010

NGAGEURI DINA SUJUD IEDUL FITRI

Sajadah titilam hate nu pasrah
nyuubkeun cirumasa nu murubut tina panon rasa
sarta nitipkeun kalaip diri
nu salilana paanggang jeung sanubari
dina sela-sela du'a
kuring tamada:

"Gusti Nu Maha Wisesa,
pareumkeun ieu nu ngabebela dina dada
ku hujan kaheman nu rohaka
sarta leyurkeun ieu batu dina kalbu
ku gada pangriksa nu tohaga"

Sajadah titilam sukma nu leah
jadi saksi
nu ngageuri merih susucining diri

Bandung, Iedul Fitri 1995



TULISAN BERJALAN INI SILAHKAN DIISI DENGAN PESAN ANDA

NAMA ANDA - 02.47
MASUKKAN TOMBOL TWEET DISINI