KAMERDIKAAN
Apip Mustopa
kamerdikaan teh jang
jukut ngemploh sisi jalan
nu salawasna ditarincakan
ku nu resep mabal leumpang
kamerdikaan teh jang
jukut ngemploh di sampalan
nu dihakanan angonan aburan
tur unggal poe diaritan
tapi salawasna terus parucukan
kamerdikaan teh jang
waruga aki-aki rangkebong
dada ngagambang panon carelong
lantaran teu kendat mikiran hutang
jakarta 5 juni 95
NAMA ANDA
MASUKKAN TOMBOL TWEET DISINI |
|