;

Jumat, 18 Juni 2010

Puisi Cinta Bahasa Sunda | Sajak Cinta

Jumat, 18 Juni 2010

SAJAK CINTA
Hasan Wahyu Atmakusumah

Dina nyasar, nyawang pangalaman nu kaliwat
Waktu ngarasakeun nimat cinta nu munggaran
Tina hate tukeur ucap anu suci
Kuring bogoh ka anjeun!
Cikuray nu bisu milu nyakseni

Kum!

Tapi eta cinta laas ku katiga
ngijih muyarkeun pasini ati
Jadi. Eta rasa cinta nu teu kedal
Ambruk memeh ngawangun ngahiji

Nyi kenya ngolesed bari boboleh
Bongan jaman nu kiwari!
Kuring kapeupeuh puhu catur
tarima hirup tacan cukup umur
Naha di dunya aya keneh nu bisa
Mere cinta tanpa jangji rebu hiji?

Kiwari kuring nyukang sasak kinasihan
Neangan cinta nu pangger di unggal Insan

22 Agustus 1955



TULISAN BERJALAN INI SILAHKAN DIISI DENGAN PESAN ANDA

NAMA ANDA - 20.24
MASUKKAN TOMBOL TWEET DISINI