;

Selasa, 20 Juli 2010

NU BALIK NGUNGSI

Selasa, 20 Juli 2010

NU BALIK NGUNGSI
Etti RS

Ka dieu deui kuring masrahkeun diri
sanggeus ngasruk ditutur-tutur ku musuh
sanggeus leuseuh dibulen geugeuleuh

Ka dieu deui kuring balik
sanggeus diri pagilinggisik jeung licik
rek nyetrakeun ati nu busik

Ka dieu deui kuring mulang
masrahkeun raga nu kumoleang
ka Jungjunan
Nu Mibanda Heman Tanpa Wangenan
bari sumegruk
da awak ceda ku rucuk

Bandung, Januari 1995



TULISAN BERJALAN INI SILAHKAN DIISI DENGAN PESAN ANDA

NAMA ANDA - 02.44
MASUKKAN TOMBOL TWEET DISINI