;

Jumat, 28 Januari 2011

Puisi Tanah Sunda | Hikmat Sadkar

Jumat, 28 Januari 2011

Tanah Sunda
Hikmat Sadkar

Kawih tingtrim nu kamari
suling jeung jentreng kacapi
haleuang paku sarakan galindeng bujang jeung lanjang
kiwari geus ilang musna
geus tilem ku mangsa

Guruminda Sangkuriang geus jauh ti kacapangan
pohaci jeung widadari lir impian nu geus bari

aheng keneh dongeng sabrang
datang ti pentas lautan

deudeuh tanah gumelar
ti taun ka taun kalantar

Garut 1978
Tina Mangle No. 694, Taun XXII 2 Agustus 1979



TULISAN BERJALAN INI SILAHKAN DIISI DENGAN PESAN ANDA

NAMA ANDA - 16.16
MASUKKAN TOMBOL TWEET DISINI