;

Senin, 14 Juni 2010

Puisi Sunda Bongan Kitu | Juniarso Ridwan

Senin, 14 Juni 2010

BONGAN KITU
Juniarso Ridwan

Bongan kitu disebutna, puguh mega
dipapay di awang-awang: cek aing angin

Bongan kitu karasana, nyerina raheut
tatamba ka saban tabib: cek aing ngimpi

Bongan kitu digambarna, geulis kabina-bina
ditepungan unggal wayah: cek aing werejit

Bongan kitu pandena, nyarita sorangan
ditataan di rs jiwa: cek aing eling

Bongan kitu ayana, beda jeung nu lian
diguliksek dina kamus: cek aing ibadah

Bongan kitu itunganana: Gusti


1992



TULISAN BERJALAN INI SILAHKAN DIISI DENGAN PESAN ANDA

NAMA ANDA - 19.08
MASUKKAN TOMBOL TWEET DISINI